“Irahasabenerna teh iraha? Kudu kumaha deui atuh?” (bari
haharewos di jero haté).Ditinggalkeun ku sobat deukeut mah béda rasana.
Lain bohong, mun rasa nyaah téhgeus teu kabendung sagedé gunung dina
sagara haté.
“Téééééttttt.......tttééééttttt.......ttttéééééttttt...”
Teu karasa, bél asuptéh kasada deui. Aya meureun lima belas menitan
kaingetan manéhna waé ( barihuleng jentul teu puguh). Tuluy wéh, ieu
sampéan téh ngajugjug ka rohangankelas ninggalkeun warungna Bi Inah, anu
geus satia mang taun-taun cicing di ieusakola. Ngahuleng wéh ditengah
jajalaneun, sabari nahan ka éra ditingalikeun kubudak séjén. Meurun ceuk
batur téh “ Naha ai si Ninis maké puputeran didinya?Siga nu kasambet
waé” hahaha.
Dipikir-pikir,mikirkeun barudak anu anéheun ningal
Ninis téh moal aya anggeusna. Ahh... teupenting éta mah! Nu penting
ayeuna, kumaha carana sangkan abdi téh teukaingetan manéhna deui.
Narimakeun kaayaan mah kudu jeung wajib hukumna. Ngan,nu jadi masalahna
téh ihlas atawa heunteu urang ngalakonana. Pasualan éta anusok minuhan
pikirana Ninis.
“ Breg... breg... breg...!!” Bu Zénta
ngagegebreg méja na Ninis.Ngabuyarkeun lamunan bari dicarék pédah tadi
heunteu merhatikeun kanapalajaran.
“Ninis...!! Tingali ka payun, tong ngalamun waé.” Ceuk bu Zénta, rada ambeksaeutik.
“Muhun
bu, hapunten... punten pisan...” waler abdi, dibaturan ku kaluarna
késangbadag, késang lembut. Ti saprak éta, ngaleungit wéh naon anu tadi
dipikiran kuNinis.
“Tééééttttttttt.......tééééétttttt.....
tttéééééétttt...” Bélna geus disadadeui, teu karasa atos dua jam leuwih
bu Zénta nerangkeun dipayuneun kelas.Bruuuullll..... Ngarabruull...
Ngaburuduull... barudak kalaluar.. meni paburisat kaditu kadieu da
paheula – heulahayang kaluar.
“Nis, badé netepan moal?” taros Gendis.
“Badé Dis, antosan heulanya sakedap. Ninis badé nyandak mukena heula.”
“Muhun, ngan tong lami-lami teuing nyaaaaa...”
Katilu menitna, dongkap wéh abdi téh nyampeurkeun Gendis, anu keur ngararumpuljeung barudak séjéna dipayuneun rohangan kelas.
“Gendis... ( bari nepak taktakna). Cenah badé netepan, hayu atuh geura! Bilihséép manten waktosna.”
“Éh...enya, hayu.. hayu..!! punten Nis” ceuk Gendis téh bari ngabetot panangankatuhu.
“Nembe, nuju nyarioskeun naon nyah?” taros abdi.
“Hm, pasihan terang atawa heunteunyaaaa?” sura seuri ka Ninis.
“Ah.. Gendis mah, sok kitu téh..” rada baeud ka si Gendis. Pedah teu dipasihanterang.
“ Tong manyun kitu ah, teu resep! Kitu waéngambek.” Ceuk si Gendis téh.
(manyunkénéh) “ Atuda... Gendis mah.’
“Héhéhéhé... enya atuh, enya..”
“Duh.. Asa ka ingetan! Nis, tadi saur si Déa aya salam ti a Nabit Cenah.”
“Hah? A Nabit? Anu ana téa?” ceuk abdi, rada reuwas.
“Ninis teu teurang?”
“Henteu Dis.. teu apal tuda.”
“A Nabit téh anu budak kelas XII Ipa 2,anu éskulna baskét téa gening..”
“Oh... éta, anu kasép téa nya? Héhéhéhé...” meni asa bungaaaaahh da.
“Euhh.. apal da kanu kasép mah..”
“Yéééhhh...”
Panonpoé
nampakeun ka gagahan na. Panas anu ngabelentrang kana tarang ditambahan
kuangin nu ngawirahma matak mawa kabagjaan haté nu nyieun sakabéh
manusa tenang.Giricik cai ngagolosor.. ngareclak loba.. nu ngalir dina
panjangna keran-kerancai di tempat wudhu pengkeureun masjid sakola.
Sekat tambok anu panjangna leuwihti samétér jadi wates antara tempat
wudhu na istri jeung pamégét.
Sagalaka susah, sagala ka nyeri anu
dirasa asa ngaleungit saprak hati jeung raga ieusujud sumujud nyembah ka
gusti Allah anu maha kawasa, nu tiasa nengtremkeunati, anu matak nyieun
sakabéh manusa teu bisa mopohokeun kana ni’matna.
Leupasti éta,
duka teu apal kunaon jeung pédah naon. Abdi ngarasa aya nu anéh.
Teukahaja, kata-kata si Gendis tadi teterusan kabayang bayang dina jero
pikiran.
“Nabit? Bener kitu, éta téh anjeuna? Atawa salaj alamat, sanés kanggé Ninis?”Haharéwosan dina jero haté.
“Yééééhhh, kunaon sih? Nabit deui Nabit deui nu dipikiran téh.” Ngalanjutkeuncariosan bari huleng jentul dipipir masjid.
“Nis,
abi kaditu heulanya. Ngkin, Ninis ka kelasna nyalira wéh, soalna
abidisauran ku téh ida.” Saur Gendis ka Ninis, saentos netepan di
masjid.
“Oh, muhun.. mangga Dis. Nyaetos, abi tipayun nya.”
“Muhun.. punten nya Nis, Punten pisan...”
“Sawios teu kunanaon.”
Beretekwéh lumpat si Gendis nyampeurkeun téh ida, anu aya diwarung Bi Inah.
Di
jero kelas, menipaciweuh barudak ulin udag-udagan nepi ka gogobrot
késang. Aya meureun sapuluhmenitan abdi di jero kelas, daongkap wéh si
Gendis nyampeurkeun abi.
“ Nis, ieu aya titipan kanggo Ninis.” Ceuk Gendis téh
“ Titipan? Titipan naon? Ti saha?”
“ Ieu.. (bari nyodorkeun suratna ka Ninis) titipan surat.Saur téh Ida mah ti a Nabit.”
“ Nu bener Dis?”cekéng téh, reuwas.
“ Yéééhhhh... ari ieu suratna Nis, sok geura dibuka,geura dibaca.. sing talitinya macana, héhéhé..”
“ Euleuh... euleuh.. sinah sing taliti cenah.. émangnaieu surat ti
Bupati naon. Hahahaha.” seuseurian bari euweuh pilucueun.
Dipasihkeun wéh suratna ka abdi. Meni asa ngadarégdég,ujug-ujug paranas tiris. Asa ngimpi....
“ Bener kitu éta téh? Asa teu percaya.. Jalmi anu kuNinis dipikaresep,
di idolakeun, dipikanyaah, dipikia-pika sagala wéh pokonamah.. masihan
surat coba ka Ninis.” Pok téh.
“ Hayu atuh, geura dibuka... geura dibaca, Gendis hoyongterang..” ceuk Gendis saeutik ngarayu.
Panasarankana
eusi surat étam tungtugna mah dibaca ogé dikelas. Sugan téh éta
suratbiasa, ari heug téh meni “spétakulér” kitu. Keretas nu jero amplop
téh dijieunjiga paparahuan, digambaran maké gambar doraémon deuih,
karesp abi.
“Surat téh, eusi na naonnya?” gegerenyem na jero haté.
Dibuka wéh, eusinatééééhhhh.. “bledaaaaaggggggggggg!”
suksés nyieun haté Abi bungah... Mundiibaratkeun mah, haté abi téh siga
kembang anu tara diriksa, tara dijaga..ngan, sakali meunang cai
langsung seger buger. Nepikeun ka cecengian waé. Kieueusi suratna téh :
“Assalamu’alaikum...
Ninis,kumaha kabarna? Damang?
Alhamdulillah,abi mah didieu saé..Tepangkeun, wastapun Nabit Alkhudori. Tos terang kan? Tos apalkan? J Punten nya Nis, bilih nga ganggu.
Sabenerna,aya
anu badé dicarioskeun ka Ninis téh. Janten kieu, abi téh resep ka
Ninis.Resepna téh maké pisan malah. Ti saprak Ninis kelas hiji,nepikeun
ka ayeunaresep keneh ka anjeun téh. Ngan, sanés abi henteu “gentleman”
da upamidicarioskeun mah isin. Héhéhéhé.. Kabayang wéh mun nepikeun
dicarioskeunlangsung ka Ninis na, wah.. bakala dor dar gelap hujan
guludug weh pokona mah..(aya-aya waénya). Tong boroning nyarios,
papendak saliwat ogé abi mah langsungngésang teu puguh.
Atosah, cekap.. moal seueur – seueur.. bilih Ninisna ngkin weureu deuih.. J
Wassalamu’alaikum....
NabitAlkhudori “
“Tanda– tanda naon ieu téh? Tanda cinta téakitu?” pok téh.
Les...wéh,
Abi milarian si Gendis. Ari dipikir téh, terus kudu kumaha Ninis
ayeuna?Da sabenerna mah, geus ti baheula Ninis resep ka a Nabit téh.
Ngan, sok mikirdua kali, ngarasa teu panteslah jeung manéhna mah.
“Parahu?
Gening suratna jiga kieunya? Maksudna naon? Ah,.. teu penting éta
mah.Nu penting ayeuna, kumaha malesan surat éta téh?” bari ngahuleng.
“Aha!
(ujug-ujug boga ideu) ahirna, surat téh bisa dibales maké basa
sorangan..Nulisna kudu telatén, kudu paké rarasaan, kudu lalaunan (heu,
da paur salah).Pokona mah kudu kudu jeung kudu itu ieu wéh ...” cekéng
téh. Kieu balesanna téh:
“Waalaikumsalam...
Alhamdulillah,saé
A, Ninis didieu séhat wal’afiat. Pasti apal atuh, maenya wéh teu apal
ka ANabit mah.. meni asa kabina-bina teuing.. héhéhéhé J
A,punten... gening A nyarios kitu? Resep? Resep tina naona A ? Ninis mah biasa –biasa waé..
Nya,lamn
bener kitu kaayaana mah.. nyaentos atuh, Ninis gé bade resep ka a
Nabit.Ti mimiti gé da tos aya rasa ka A téh. Mung, abi na rada minder
kitu.
Hm...A Nabit, kunaon suratna dijieun jiga paparahuan? Maksudna naon éta téh a? Tosah, sakitu.. hapunten a, bilih kunanaon... J
Wassalam...
NinisPrawésti”
Jam hiji leuwih tilupuluh kurang dua menit, Ninisnyampeurkeun Gendis di
Perpustakaan sakola. Ngaliwatan lorong-lorong kelas,ahirna tepi ogé
kana tujuan.
“ Gendis... Gendis... “ ngagorowok leutik.
“ Kah? Aya naonNis?” ceuk Gendis téh, bari matana fokus maca buku.
“ Ieu, abi badénitip surat ka téh ida.. piwarang pasihkeun ka A Nabit kitu nya.”
“ Muhun Nis..siap”
“ Sip.. Haturnuhun...”
“ okeeyyyy!Sawangsulna.”
(Di warung sakola)
“ Téh Ida.... téh Ida..” Gendis ngagorowok, ngagoroan téh ida anu keur jajan di warungna Bi Inah.
“ Aya Non Dis?” bari ngaléngkah , ngadeukeutan Gendis.
“ Téh, abi nitipsuratna Ninisnya, kanggé a Nabit saurna.”
“ Oh.. enya.. tiasa, tiasa..” ceuk téh Ida.
“ Haturnuhunnya téh, punten yeuhbilih ngarépotkeun tétéh.”
“ Ah, sawios éta mah. Mémangna, aya hubngan naon si Ninis sareng Nabit ?”taros téh ida ka Gendis.
“ Duka atuh téh, teu apal Gendis mah.. da Ninis ogé henteucarita-carita acan.”
“Oh.. kitu. Hayu atuh nya, tétéh tipayun.. badé ka kelas heula.”
“Muhun téh, mangga...”
(Di jero rohangankelasna Nabit)
“Bit... Nabit...? (ngarénghap, bari ngagorowok) wooooyyy, barudak ningali siBulan Sabit teu?” ceuk téh Ida
“ Si Nabit mah di masjid, aya naon kitu Da?” ceuk si Jonibabaturana si Nabit.
“ Ieu, aya surat.”
“ Euleuh.. ari nyanéh arék kukumahaanatuh? Pira gé sakelas, meni sagala
susuratan, siga di sinetron waé. Atawa..manéh jeung si Nabit aya.....”
can gé salsé, datang wéh Nabit langsung cicingdi lawang panto.
“ Aya naon?” ceuk Nabit téh.
“ Ieu Bit, aya surat.. ( bari masihkeun suratna kaNabit)” ceuk téh Ida.
“ Ti Ninis sanés?”
“ Muhun..”
“ Nuhunnya, jadi ngarépotkeun wéh.”
“ Ah, teu sawios-wios.. héhéhé J.”
“ Ooohhh... suratna si Nabit téh tisi Ninis budak 2 IPA 1 lain?” ceuk si Badri pipilueun.
“Muhun.. Driii.” Ceuk Nabit.
“ Adeuh.. ah.. Adeuh... gosip anyar,gosip haneut.. gosip.. gosip..
gosip..” ceuk si Badri, maké logat na tukangkoran di jalan tol.
“ Ah.. manéh.. sirik waé”
“ Hahahaha”
Di lain hal, Abi téh ngarasa teu garenah haté. Lain sulaplain sihir ieu
mah, ti saprak a Nabit masihan surat ka Abi, boga rasa sieun diPHP-keun
(Pemberi Harapan Palsu). Dipikir deui, pasrah keun wéh.. teu
miharepleuwih da.
Hiji mangsa, Nabit téh geus maca
surat ti si Ninis. Siéta surat téh rék dibales ku si Nabit. Pikirna,
manéhna gé bingung kumahangabalesan éta surat téh. Manéhna nyiapkeun
haté, pikiran, rasa jeung sagalarupa tétékbengékna améh teu aya nu salah
dina balesan suratna. Cinta pertamaieu téh, jang si Nabit mah. Dag dig
dug nu karasa.
“ Parahu téh ngalambangkeun gambaran
cinta Nabit kaNinis. Parahu ogé bisa diibaratkeun cinta Nabit anu bisa
nyebrang sagara hatékaditu kadieu, nu tungtungna mah nepika haténa
Ninis.” Ceuk Nabit dina jerohaténa.
Keretas geus disadiakeun, tur wéh si Nabit téh mulaingarangkai kata-kata jang Ninis. Eusi suratna kieu :
“Assalamu’alaikum..
Nis,sateuacanna
nuhunnya.. tos kersa ngawaler surat ti Abi. Janten kieu, sasihpayunkan
bulan Desember, kaping tujuh dugi kaping dua belaskan badé UKK (Ulangan
Kenaikan Kelas) Kumaha lamun kaping opat belasna, Abi hoyong
patepangsareng Ninis. Tiasa? Aya anu badé di carioskeun.
Nyaentos, sakitu waé..
Wassalam...
NabitAlkhudori”
Suratna geus jadi, meni lalaunan téh ngalipet keretasnagé. Dijieunkeun
jiga Paparahuan deui, di asupkeun wéh ka amplop. Bari leumpang,néangan
si Ida. Pasti ka si Ida, moal mungkin néangan si Badri mah.
“ Si Ida téh kamana sih?”ceuk Nabit, ngomong sorangan.
“ Tuh! Diditu!” ceuk si Joni.
“ Diditu dimana? Di warung lain?” Témbal si Nabit.
“ Ih, lain.. di Perpustakaan.”
“ Oh.. Nuhun nuhun..”
Di lain tempat, téh ida nuju sareng Gendis jeung Ninis.Breenggg wéh
maranéhna angkat ka Perpustakaan. Niatna mah rék ngerjakeun tugassunda.
“ Nis, ayeuna Ninis sareng Nabit?” taros téh idaujug-ujug.
“ Hah.. hen...henteu.. téh.” Ceuk abi, rada ngadégdég.
“ Mémang keur teu sareng a Nabit kan? Apan, ayeuna mahkeur sareng abi
jeung téh ida.. héhéhé..” ceuk Gendis, ngiluan.
“ Alaaahh.. nyaho atuh ari kitu mah.” Témbal téh Ida,bari ngagebuk si Gendis.
“ Héhéhéhé.” Abi seuri bari maca buku.
Keur seuseurian téh, ngadadak langsung caricing. Ngadangusora léngkah anu makin ngadeukeutan.
“ Asaan téh aya nu ningalikeun Ninis” cekéng téh, dinajero haté.
“Gupraaaaak!!” buku-buku nu aya dina rak buku maruragan. Dideukeutan
wéh ku Ninis téh,ari heug téh (saha cobaaa?) nu murageunana a Nabit.
“ A.... Nuju naon? Éh... badé naon.. éh,” taros Ninis barigeumpeur.
“ Ninis, henteu..Ieu milarian si Ida.” Ceuk Nabit téh.
“ Naon Bit?” ceuk téh Ida.
“ Ieu, badé itu téa.” Bari bingung, rék kumaha.
“ Badé itu kumaha?Surat lain? Tah! Ninis na aya.”
“ Yééééhhh..” bakating taya kata-kata deui.
“ Nis, kadieu Nis.. Nabit badé nyarios cenah.” Ceuk téhIda ka Ninis.
Saléngkah.. dua léngkah.. katilu léngkahna Abi mingkinngadeukeutan.,
nyampeurkeun téh Ida. Teu kahaja, Nabit téh langsungngadeukeutan si Ida,
nepikeun si Ninis ngésang.
“ Aya naon ieu téh a?” ceuk Abi téh.
“ Ieu, Nis. Badé masihkeun surat.” Ceuk a Nabit téh.
“ (bari mikir) urang ngobrol wéh a, suratna langsungdibales didieu.. kumaha?”
“ Nya, sok waé A mah”
“ Jadi, aya picarioseun naonn ieu téh?”
“ Janten kieu, Ninis kan pernahnaros ka A, kunon surat na jiga parahu?
Jadi , Parahu éta téh nyimbokeunparantara anu nganteurkeun rasa cinta,
kanyaah A ka Ninis. Kitu lamundiibaratkeun mah. Nu kadua, naha Abi bet
resep ka Ninis? Nu ieu ,mah eu tiasadijelaskeun, sanes perkara anu
babari tuda. Apanan ieu mah, nyangkut pautkeunakana masalah haté.
Sakapeung mah, tara bisa kapikir ku nalar, logika. Ngan,bisa karasa. Abi
mah, teu miharep nanaon ti Ninis, ngan supaya Ninisna terangwéh.” Ceuk
Nabit.
“ Kumaha nya a, Ninis gé baringun ieu téh. Bungah mahbungah, ngan sieun teu ngeunah tungtungna A” saur Ninis.
“ Nis, kupingkeun.. rék sakumaha geulisna, alusnababaturan A nu aya di
sakola ngan Ninis nu ku A dipikaresep. Ninis mémang teugeulis, nyaéta
ari Ninis mah camperenik.”
“ Kedah kumaha atuh, Ninis téh?”
“ Nis, A nyaah pisan ka Ninis. Ninis kersa teu narimaabi?(bari mikir,
inget dipésak calana na aya coklat,di candak wéh coklatna).Nis, candak
ieu coklat lamun Ninis naria atawa purageun coklatna Lamun Ninisalim.”
Ceuk Nabit .
“ Meni ngadadak A?.” Ceuk Abi téh.
“ Lamun henteu ayeuna badé iraha deui atuh?”
Cicing.. Jep kikirincing.. euweuh sora-sora acan. Abikeur mikiran ai
anu itu kumahanya? Diantosan atawa ntong? Apa kumaha ngké waékitu? Ah..
can gé puguh jeun nu itu mah. Da posisi Abi mah, sanés anu ngajauhan
tapi nudijauhan.
“ Tarima ulah, tarima ulah..? mun
misalkeun ditarima,ngkéna kumaha? Rék kukumahaan? Mun ditolak,
kasempatan mah moaldatangngaduakalian.” Pikir téh.
Samenit, dua menit, tilu menit.. nepikeun ka sapuluhmenit Abi téh mikir. Ahirna mah, kaputusan téh geus aya.
“ A.. Nabit?” nyauran Nabit meni lalaunan pisan.
“ Kah? Kumaha?” jawab Nabit teu sabar.
“ Kupingkeun, Ninis badé Nyanyi... kupingkeun..”
“ Enya.. Nis.”
“ Lagu na, lagu anu anyar..
Perahukertas ku kan melaju....
Membawa surat cintabagimu...
Kata – kata yang sedikitgila, tapi ini adanya..”
“ Lagu na Maudy ayunda sanés?” taros Nabit.
“ Muhun A”
“ Jadi kaputusanana ?”
“ Ninis, tarima. Mana coklatna? (bari namprak) Héhéhé J”ceuk Abi bari
ngajak seuuri jeung ngalucu, méh teu serius teuing.
“ Héhéhé.. bener Nis?” Nabit teu percaya.
“ Bener..”
“ Nuhun Nis.. yeuh coklatna .” ceuk si Nabit, sura seuriteu puguh.
“ héhéhé :) ”